watch sexy videos at nza-vids!
ES EM ES AN

Pasosore jang gerry ngahajakeun ulin ka Si Dzyre sobatna. Kasampak diimah Si Dzyre aya Ninina, Nini Hanny keur ngawangkong di hareup baringawedang kopi hideung jeung seupan sampeu anyarnyait tina panyeupanan, panas tur ngebul keneh.Jang gerry nyampeurkeun tuluy nanya ka nini Hanny,nini na si Dzyre.Gerry, "Punten Ni, ari Hannyaya di ompok deh?"Nini Hanny, "Aya bieu mah ditukang keur semesan sosoranganan wae handapeun tangkal kopo."Gerry, "Haaarr...ari nini, piraku maen batminton sosoranganan?"Nini Hanny, "Lain keur batminton, tapi keur semesan, eta geuning nu sok dipencetan ku indung leungeun make hempon."Gerry, "Oohh...sanes semesan atuh Ni, tapi SMS-an eta mah. Kunaon dipencetana ku indung leungeun henteu ku cinggir nya Ni?"Nini Hanny, "Bieung ah, teu nyararaho kuring mah."Gerry, "Ari cinggir mah paranti meresihan rorompokkorong."Nini Hanny, "Nurustunjung siah, kuring keur ngawedang yeuh!"Gerry, "He-he, punen Ni, heureuy. Mangga atuh, rek ka tukang nyampeur si Dzyre, bisi kumaha onam..!"Nini Hanny, "Nos! Kaditu sampeurkeun bege!"