watch sexy videos at nza-vids!
BUDAK JEUNG EMA NA

Budak umur tilu taun keur meujeuhna capétang ngomong, sagala rupa ditanyakeun ka emana.Budak : "Ma ari adé dikandung ku ema ka sabara sasih ?"Emana : "Salapan bulan salapan poé !"Budak : "Ari adé ayeuna umurna sabaraha taun ?"Emana : "Tilu taun !"Budak : "Ari ema nikah sareng bapa tos sabaraha taun?"Emana : "Tilu taun ogé !"Budak : "Jadi nu salapan bulan salapan dinténna...?" (tarangna kerung semu nu mikir)Emana : "Eh salah kétah, umur hidep téh ayeuna nembe sataun satengah!" ( rada gugup)Budak : "Ah..maenya umur adé nembé sataun satengah, tos capétang kieu!"Emana : "Geus ah tong loba tatanya, Pamali!" ( bari ngaléos indit ) (SR)